LAPORAN JURNALISTIK KELOMPOK 1
LAPORAN JURNALISTIK
“Pamilihan katua OSIS”
Dinten Senen,kaping 17 september 2018,sakabeh
siswa ilubiung di lapang sakola.Lantaran bade diayaken pamilihan katua osis
anyar.Sabab parantos rengse waktu ngajabat jadi katua osis salila sataun
pariode 2017-2018.Calon katua osis anyar aya 2 pasang ,nyaeta paslon nomor 1
kang Haludi jeung kang Lutfi,paslon nomor 2
kang Fajar jeung kang Hendri.
Acara dibuka ku pidato atanapi biantara ti katua
OSIS diteraskeun ku sambutan ti katua MPK
pariode 2017-2018.Teras
ngaos alquran sareng saritilawah
ti DKM ,sambutan ti bapa
Nasrudin,diterusken ku
sambutan ku kapala sakola sakaligus ngabuka acara pamilhan di barengan ku ditabeuhna gong 5 kali tabeuhan.
Saeungges
acara dibuka, debat pasangan calon dimulai.Dina
acara ieu,paslon
kudu ngayakinken pamilon yen manehna pantes jadi
pamingpin . Sanggeus rengse , pamilihan
atawa panyoblosan dibuka ,sakabeh siswa sareng guru milih,saha nu arek
dijadiken pamingpin .
Saeungges
rengse sakabeh siswa lebet ka kelas sewang-sewangan.Acara pangitungan sora
di mulai.Mung wawakil nu bade
jadi saksi nu aya dina pangitungan sora.Rengse pangitungan,sakabeh siswa
ngumpul dilapang sakola
bade nyaksian pangumuman hasil pangitungan.Kaputusan nana kang Fajar sareng kang Hendri kapilih jadi katua
OSIS.Jumlah nu milih nyaeta kurang leuwih 886.
Disusun ku :
1. Almoravidya R
2. Jihan Galuh
3. Julio Ersa
4. Nur Fitria
5. Siti Nuraida
6. Pedro
Komentar
Posting Komentar