Laporan Jurnalistik

English Battle Competition
      English Battle Competition nyaeta kagiatan parlombaan anu diayakeun ku ekstrakulikuler English Club Smandak nu aya tiap taun dina acara Milad Smandak. Lomba-lomba anu diayakeun ti kagiatan ieu aya tilu perlombaan, nyaeta Acoustic, News Casting, jeung Debate. Dina kagiatan ieu, tiap kelas kudu ngirimkeun wawakil jang paserta lomba dina kagiatan ieu. Kagiatan ieu dilaksankeun ti Poe Senen nepika Poe Rebo nyaeta ti kaping 22-24 Oktober 2018
      Perlombaan nu diayakeun kahiji dina kagiatan ieu dilaksanakeun nyaeta Acoustic. Lomba Acoustic ieu nyaeta lomba anu nyanyikeun hiji lagu ti Basa Inggris. Paserta dina lomba Acoustic ngawengku 4-6 jalmi lalaki/awewe. Perlombaan ieu dilaksanakeun pukul 12.45-rengse di lapangan sakola di luhur panggung. Juri dina perlombaan ieu nyaeta wawakil ti guru 2 urang. Kelas ti angkatan 54 anu menangkeun lomba ieu nyaeta: X IPS 3, X IPA 8, X IPA 7


      Di poe kadua, aya perlombaan News Casting jeung seleksi babak panyisihan Debate. News Casting nyaeta perlombaan anu pasertana kudu ngajelaskeun ngeunaan hiji warta sacara formal bari kudu make Basa Inggris dina kata lain mah perlomabaan ieu teh nyaeta jadi "presenter". Perlombaan ieu dilaksanakeun pukul 08.00-rengse di ruang anu tos disiapkeun ku panitia. Paserta bisa awewe atawa lalaki. Debate nyaeta perlombaan debat antar siswa ngenaan hiji pasualan anu tos disiapkeun ku panitia pas Tehnical Meeting. Dina perlombaan ieu di hiji 'chamber' aya 3 paserta debate anu anggotana aya 3. Tiap anggota aya bageanna. Anu meunangkeun skor pang gedena bakalan asup ka sesi selanjutna. Kelas anu asup sesi semifinal nyaeta kelas X IPA 2, XI IPA 4, jeung XII IPA 7.
      Di poe katilu nyaeta ngalanjutkeun lomba Debate dina sesi final antara kelas XI IPA 4 jeung XII IPA 7. Sesi final debate ieu dilaksanakeun di lapang. Kabeh murid naronton bari teu ngarti da anu lomba teh ngomongna make Basa Inggris. Pamenang ti lomba Debate nyaeta ti kelas XII IPA 7.
      Dina katilu perlombaan eta, anu pang ramena mah lomba Acoustic. Soalna dilaksanakaun di lapang, bari jeung aya musikna. Jadi, murid-murid teh moal ngarasa bosen jeung ngantuk. 
      Kagiatan ieu tos terlaksana lancar ku sabab murid Smandak milu kabeh perlombaan nu aya, anu utamana mah panitia anu ngajieun ieu kagiatan bisa rengse sacara lancar. Mugia kagiatan ieu bisa ngajieun kabeh murid nambah elmu dina Basa Inggrisna jeung mangpaat jang sadayana.


Mung sakitu wae laporan jurnalistik ti kelompok abdi. Mugia mangpaat jang sadayana. Hatur nuhun.
      

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Laporan Kagiatan Basa Sunda

LAPORAN KAGIATAN KELOMPOK 4 X mipa 6