Laporan Jurnalistik Kelompok 5
Sampurasun!
Di handap ieu nyaéta laporan jurnalistik kelompok 5 ti kelas X IPA 6, nyaéta:-Aria Dirgantara
-Idelia N.A.
-Mufdhil Afta Z.
-Nadea Salsabila P.
-Saktya Nurakbar
-Sheril Naila Y.
Laporan Jurnalistik MILAD SMANDAK 53
SMAN 1 Cibadak ngarayakeun sarangkéan acara ti kaping 22-27 Oktober pikeun ngarayakeun MILAD SMANDAK Ka-53. Tema Milad ka 53 nyaéta “Jadilah Ksatria Sejati Diantara Ribuan Asa dan Mimpi.” Milad mangrupa acara taunan di SMAN 1 Cibadak. Kagiatan ieu jadi wadah para siswa pikeun ngembangkeun potensi nu aya.Aya sababaraha ekstrakulikuler nu ngilu meriahkeun milad ku cara ngayakeun rupa-rupa pasanggiri. Diantarana ekskul:
KOVISA = Bazar
English Club = English Battle Competition
DKM = GERIMIS (Gebyar Insan Muda Islam Smandak)
Mading = Bulan Bahasa
Salian ti ekskul, aya ogé pasanggiri-pasanggiri ti panitia Milad nyaéta Photography, Vlog,
Éstafet Vaganza, jeung Bola Minions.
Poé kahiji diayakeun upacara bubuka (Opening Ceremony) nu dimeriahkeun ku ekskul Paskibra, Pramuka, jeung Vidya Seni, tuluy acara diresmikeun ku panyerahan pedang minangka simbolis ku Ksatria Agung Péirzachia ka pupuhu sakola SMAN 1 Cibadak nyaéta Drs. H. Dedi Sofyan, M.MPd.
Sanggeus upacara bubuka réngsé tuluy dilanjutkeun ku pasanggiri bazar ti ekskul Kovisa. Stand bazar unggal kelas ngangkat téma film. Unggal kelas wajib ngirimkeun hiji putra jeung hiji putri pikeun jadi maskot. Maskot ti masing-masing kelas nampilkeun kostum ti téma film nu geus ditangtukeun jeung diiringan ku soundtrack film tuluy dilanjutkeun ku jualan jajanan bazar.
Pikeun meuli jajanan bazar, siswa kudu ngagunakeun kupon nu geus disadiakeun ku Kovisa kalawan harga 1000/kupon. Panjualan makanan bazar réngsé neupi ka jam 12.00, dituluykeun ku pasanggiri Acoustic ti ekskul English Club.
Pikeun pasanggiri photography, tiap wawakil kelas wajib ngirimkeun hiji poto unggal poé dina Instagram masing-masing kelas jeung Instagram pribadi.
Poé kadua aya lomba Tarik tambang di lapang, sedengkeun debat jeung news casting di ruangan kelas. salian éta aya lomba musikalisasi puisi nu dilaksanakeun ba’da dzuhur nepi ka jam 16.30 di panggung. Sateuacan lomba, kabéh pamilon kudu daptar ulang heula. Di poé kadua ieu aya Obaké ti ekskul Japanese Club. Obaké dibuka ti poé Salasa nepi ka Poé Rebo.
Poé katilu aya pasanggiri Bunkasai ti ekskul Japanese Club jeung sawatara pasanggiri ti ekskul DKM (GERIMIS) jeung ekskul Mading (Bulan Bahasa). Pasanggiri Bunkasai diantarana nyaéta Cosplay, Poto cosplay, Doujin, Shuuji, jeung Rodoku. Sedengkeun pasanggiri GERIMIS diantarana nyaéta LCC, MTQ, MHQ, MMQ, jeung Da’i.
Acara nu paling didagoan ku para siswa téh pasanggiri Cosplay, sabab maranéhna hayang nempo babaturanana nu jadi inahong anime. Sarat cosplay sami sareng bazar kudu putra jeung putri. Masing-masing pamilon dibéré waktu 5 menit pikeun merankeun babak ti anime nu dipilih.
Sanggeus kabéh peserta merankeun babak ti anime anu dipilih, tuluy dilanjutkeun ku acara poto cosplay. Siswa nu ngiluan pasanggiri poto cosplay kudu moto wawakil cosplay kelas maranéhna. Poto kudu diédit sateuacan dikirim ka panitia.
Dina poé katilu ogé aya final debat. Kelas anu final debat nyaéta 12 IPA 7 jeung 11 IPA 4 nu dilaksanakeun di lapang. Sanggeus final debat aya pasanggiri Bola Minions. Bola minions nyaéta maén futsal, para pamilon kudu make dua gelas nu dipaké di soca. Bola minions nyaéta pasanggiri antar angkatan.
Poé kaopat aya pasanggiri GERIMIS ti ekskul DKM. Sateuacan dimulai siswa ngiringan Tabligh Akbar di lapang. Pematerina nyaéta Ust. Sofyan Sauri.
Tabligh Akbar dimulai jam 07.00-09.00 jeung dilanjutkeun ku pasanggiri Acapella Islami. Kabéh pamilon kudu lalaki jeung ulah ngagunakeun alat musik. Acapella réngsé kurang leuwih jam 14.30 teras dilanjutkeun ku pasanggiri Rengking 1.
Komentar
Posting Komentar